Haturnuhun, Emak…
Haturnuhun, Emak…
Aya naséhat anu kadang karasana sederhana, tapi lamun direnungkeun jero, ternyata pinuh ku harti. Naséhat ti Emak sanés ngan ukur kecap-kecap, tapi tiasa janten pangéling nalika urang mimiti lepat ngaléngkah.
Haturnuhun, Emak, kana sagala naséhatna.
InsyaAllah ku abdi bakal dijantenkeun pangéling dina kahirupan.
Sabab urang téh sok aya dina tarik-menarik antara kahayang jeung akal. Lamun napsu anu leuwih diturutan, sok aya dorongan anu ngajurung urang kana hal-hal anu ahirna tiasa nyilakakeun diri sorangan.
Mugia Allah maparin kakuatan pikeun nahan diri, langkung sabar, sareng henteu gampang kabawa ku kahayang anu sakedapan. Mugia unggal léngkah salawasna dipaparin pituduh ku Allah.
Sok sanajan hiji poé urang geus déwasa, geus loba pangalaman, naséhat ti Emak tetep janten pangéling anu hargana teu tiasa diukur.
Haturnuhun, Emak.
Pikeun kanyaah, doa, sareng naséhat anu teu aya tungtungna.
@olehchanel
Komentar